07 Februari 2013

Paribasa Sunda


A
Adam lali tapel : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga : Adat nu hese digantina.
Adean ku kuda beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
Adigung adiguna : Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung.
Akal koja : Pinter dina kagorenganatawa kajahatan.
Aki aki tujuh mulud : Lalaki nu geus kolot pisan.
Aku aku angga : Nagku barnag baatur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan ataw kauntunga.
Aku panggung : darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
Alak alak cumampaka : Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa Pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya.
Alak paul : Tempatna nu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
Alus panggung : alus laur hade ome, Tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek : Ari napssu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri.
Ambekna sakulit bawang : Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
Anak merak kukuncungan : Sipaat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkrun ku kolotna.
Anak merak kukuncungan : Turuna anu hade laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae.
Anak puputon : Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun.
Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu moal baka; kasorang.
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna : Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed : Ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
Asa dijual payu : Ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
Asa ditonjok congcot : Meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
Asa ditumbu umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
Asa nanggeuy endog beubeureumna : Kacida nyaahna.
Asa nyanghulu ka jarian : Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman.
Asa potong leungeun katuhu : Leungiteu jalma nu pohara hade gawena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu.
Aub payung, sabet panon, sabasoba : Wewengkon, ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal : Anu mustahil oge oge bisa kajadian.
Aya bagja teu daulat : Arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
Aya di sihung maung : Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
Aya jalan komo meuntas : Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas : Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Aya jalan komo meuntas : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
Aya Peurah : Aya komara, aya harega , aya pangaji.
Ayakan tara meunang kancra : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.

B
Baleg tampele : Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
Bali geusan ngajadi : Tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok meuting : Teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan : Beak karep ku rido jeung beresih hate.
Banda tatalang raga : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
Belang bayah gindi pikir : Boga pikiran goreng ka papada kawula.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok : Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
Beurat birit : Hese jeung sungkan dititah.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana : Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, Anging Gusti nu ningali.
Beureum paneureuy : Seuseut batan neureuy keueus, Hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
Beuteung anjingeun : Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya tutus bengkung : Bisi salah pokpokanana.
Bisa ka bula ka bale = Bisa campur jeung jelema ti rupa – rupa golongan
Bisa ka bula ka bale = Bisa campur jeung jelema ti rupa – rupa golongan
Biwir nyiru rombengeun : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun : Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
Biwir nyiru rombengeun = Resep nyaritakeun cecek bocek anu saenyana kudu di rasiahkeun
Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah : Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
Bluk nyuuh blak nangkarak : Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bobo sapanon carang sapakan : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Bobo sapanon carang sapakan = Teu puguh undak usukna, teu puguh entep seureuhna
Bobor karahayuan : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Bobor karahayuan = Katarajang apes atawa cilaka
Bobot pangayon timbang taraju = Pangadilan, timbangan anu adil
Bodo alewoh = Bodo bari daek tatanya
Bodo katotoloyoh = Bodo bari tara daek tatanya
Bogoh nogencang = Bogoh sosoranganan
Bonteng ngalawan kadu : Nu leutik ngalawan nu gede.
Borangan ku surak = Eraan dina gempungan jelema rea
Bosongot bade amprotan = Dipikaginir, pasemon jagoan
Bru d i juru bro di panti, ngalayah de tengah imah = Jelema benghar
Buburuh nyatu di upah beas = Meunang dua rupa kauntungan
Buburuh nyatu diupah beas : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Budak bau jaringao = Budak can aya kanyaho
Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah : Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
Bulu teneuh = Tukang tani, patani
Buluan belut, jangjangan oray : Pamohalan kajadian.
Buncir leuit loba duit = Taya kakurang
Bungbulang tunda : Tunda talatah.Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
Buntu laku = Teu bisa neruskeun pagawean
Buntut kasiran : Koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
Buntut kasiran = Koret
Bur beureum bur hideung , hurung nangtung siang leumpang = Hirup taya kakurangan salilana ginding
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang : Ginding, loba pakean anu aralus dipake.
Buruk buruk papan jati : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
Buta terong = Jelema nu sagala beuki

C
Biwir nyiru rombengeun = Resep nyaritakeun cecek bocek anu saenyana kudu di rasiahkeun
Bobo sapanon carang sapakan = Teu puguh undak usukna, teu puguh entep seureuhna
Bobor karahayuan = Katarajang apes atawa cilaka
Bobot pangayon timbang taraju = Pangadilan, timbangan anu adil
Bodo alewoh = Bodo bari daek tatanya
Bodo katotoloyoh = Bodo bari tara daek tatanya
Bogoh nogencang = Bogoh sosoranganan
Borangan ku surak = Eraan dina gempungan jelema rea
Bosongot bade amprotan = Dipikaginir, pasemon jagoan
Bru d i juru bro di panti, ngalayah de tengah imah = Jelema benghar
Buburuh nyatu di upah beas = Meunang dua rupa kauntungan
Budak bau jaringao = Budak can aya kanyaho
Bulu teneuh = Tukang tani, patani
Buncir leuit loba duit = Taya kakurang
Buntu laku = Teu bisa neruskeun pagawean
Buntut kasiran = Koret
Bur beureum bur hideung , hurung nangtung siang leumpang = Hirup taya kakurangan salilana ginding
Buta terong = Jelema nu sagala beuki

C
Caang bulan dadamaran : Migawe nu kurang mangfaat.
Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = Rido pisan
Caang padang narawangan = Caang pikiran
Cacag nangkaeun : Hanteu beres , hanteu rata.
Cacag nangkaeun = Henteu beres atawa teu alus lantaran mindeng katunda, terus dihanca deui
Cacarakan = kakara diajar, tacan bisa bener
Cadu mungkuk haram dempak = Sumpah yen bener – bener moal milampah deuiatawa migawe hiji perkara
Cangkir emas eusi delan : Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk : Ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
Cara gaang katincak : Anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cara jogjog mondok : Carekcok bae, mani gandeng naker.
Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
Caringcing pageuh kancing , saringset pageuh iket = Taki – taki ngajaga kaamanan, bisi aya banca pakewuh
Cecendet mande kiara : Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Ceplak pahang = Satarabasna teuing, kajeun teuing matak teu ngeunah batur oge
Ceuli lentaheun : Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
Ceuli lentaheun = Sadenge dengena, sanajan lain dengekeuneunana
Cicing dina sihung maung : Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila laila jadi bisa.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa.
Cilaka dua belas = Cilaka pohara
Cileuncang mande sagara, Cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa : Beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
Clik putih clak herang : Kaluar tian ahte anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Clik putih, clak herang = Rido, iklas
Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna : Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
Cruk – crek = Gunta – ganti pamajikan
Cucuk panon = Teu adil dina barang bere
Cucuk rungkang = Perkara leutik atawa teu pira tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana perkara nu gede
Cukup belengur = Kakurangan rejeki lantaran loba teuing anu dibikeun ka batur

D
Daek macok embung dipacok : Daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan emas : Ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
Dagang pindang ka Cirebon = Dagang barang ka tempat anu nyieun barang
Dah bawang dah kapas : Tah barangna tah duitna.
Dahar kawas meri = Uprat apret jeung ngaremeh
Daluang katinggang mangsi : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
Datang katingali tarang, undur katingali punduk = Datang kanyahoan, indit oge kanyahoan
Deugdeug tanjeuran : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
Deukeut deukeut anak taleus : Ari imah puguh oge padeukeut ngan hanjakal hanteu nyaho ti bareto, yen eta the baraya.
Deukeut deukeut anak taleus : Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
Deukeut -deukeut anak taleus = Salitu padeukeut tapi teu nyaho eta baraya, atawa teu nyaho aya kajadian penting diantara maranehna
Deukeut deuleu pondok lengkah = Kurang pamandangan jeung teu pati bebas dina indit – inditan
Deungeun haseum = Teu baraya saeutik – eutik acan
Dibejer beaskeun = Dieceskeun, ditetelakeun, dijentrekeun nepika bubuk leutikna
Dibeuweung diutahkeun = Dipikir dibulak balik
Didagoan ku seeng nyengsreng = Didagoan ku pangabutuh sapopoe
Dihin pinasti anyar pinanggih = Sagala rupa anu dialaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku nu Maha Kawasa
Dihin pinasti, anyar pinanggih : ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
Dihin punasti anyar pinanggih : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.
Dihurunsuluhkeun = Disamarutkeun jeung nu goga dosa
Dijieun lalab rumbah = Dimomorekeun, teu diajenan
Dikeprak reumis = Purah diutuh etah ngajalankeun pagawean anu lain lumayan
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Dipake cocok conggang = Dimomorekein pisan
Dipiamis buah gintung : Disangka hade jeung bageur , tapi buktina goreng jeung jahat.
Dipiamis buah gintung : Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
Dipisudi mere budi = Dipikarep tapi malah ngabaeudan
Dipukul wakul buaya mangap = Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna
Disakompet daunkeun, dihurun suluh : Dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
Disakompetdaunkeun = Dihurunsuluhkeun
Disisit dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang = Dihukum beurat pisan
Disuhun dina embun embunan = Ditarimakeun pisan
Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi : Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup : Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
Dogdog pangrewong : Bantuan abu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
Dogdog pangrewong = Milu nyarita minangka panambih
Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur : Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu Kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
Dosa salaput hulu : Kacida loba dosana.
Dosa salaput hulu = Loba dosa
Dug hulu pet nyawa = Digawe beurat meh taya eureuna
Dug tinetek = Dug hulu pet nyawa
Duit pait = Duit anu teu meunang dipake pikeun kapentingan pribadi
Duit panas = Duit pait
Duum tinggi : Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya bu saeutik.
Kacida loba dosana : Awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salaki.

E
Eleh deet = Sanajan teu sapuk jeung hate, kapaksa nyaluyuan lantaran karunya
Elmu ajug : Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
Elmu ajug = Elmu anu teu dipake kusorangan, ngan saukur dipake napatahan batur
Elmu sapi : Samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
Elmu sapi = Guyub kana hal anu kurang hade
Elmu tumbila : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
Elok bangkong : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
Embung kakalangkangan = Embung kaelehkeun ku nu sejen
Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
Endog tara megar kabeh : Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
Era parada = Era ku lampah batur atawa omonganana nu matak aeb

G
Galak sinongnong = mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan
Galak timburu = Babari timburuan
Galegeh gado = Someah, darehdeh
Galehgeh gado : Darehdeh tapi henteu terus kana hate : .
Gancang pincang : Kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
Gancang pincang = pagaweanana gancang, tapi hasilna teu hade
Gantung denge : Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
Gantung denge = Ngarasa hanjakal hayang keneh ngadengekeun anggeus manten
Gantung teureuyeun : Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
Gantung teureuyeun = Ngarasa hanjakal barang dahar hayang keneh tapi kudu eureun
Garo – garo teu ateul = Gagaro tukangeun ceuli lantaran bingung atawa keuheul
Garo singsat = Gagaro bari nyingsat lantaran teu sabar atawa anbek
Gede gede kayu randu, dipake pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig : Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
Gede gunung pananggeuhan : Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
Gede gunung pananggeuhan : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
Gede gunung pananggeuhan = Boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gede dinya anu dipake andelan pibisaeun nulingandina perlu
Gemah ripah loh jinawi = Gegek cacah jiwana sarta raharja
Gentel keak = Meh tara lesot, mun dilesotkeun sok ceurik ( biasana budak )
Getas harupateun = Babari ambek
Getas harupateun, pinggeus harepan : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
Geu nyanghulu ngaler = Geus maot
Geugeut manjahan = Neneh bonteng, ngsn henteu nepika neunggeul
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma : Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
Geus apal luar jerona = Ges apal kana kalakuan jeung tabeat jalma
Geus cueut kahareup = Geus kolot, geus liwat tengah tuwuh
Gindi pikir belang bayah : Boga pikiran goreng ka papada kawula.
Gindi pikir belang bayah : Goreng hate, dolim, julig , dengki.
Gindi pikir belang bayah = Goreng hate
Ginding kakampis : Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
Ginding kakampis : Ari pake mah ginding, ngan duit teu boga.
Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
Goong saba karia : Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
Goreng peujit = Goreng hate
Goreng sisit = Gorwng milik
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi : Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi = Taya wates wangena
Gurat batu : Pageuh kana jangji.
Gurat batu = Kukuh, teguh tangtungan
Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna : Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

H
Hade gogog hade tagog : Hade basa jeung hade tingkah lakuna.
Hade gogog hade tagog = Hade basa, budiparangi, nyaho tata titi
Hade ku omong goreng ku omong : Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe : Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Hambur bacot murah congcot : Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
Hampang birit : Gampang jeung adekan dititah.
Hampang birit = Daekan ( dititah )
Hampang leungeun = Gampang jeung resepteu teunggeul
Hanbur bacot murh congcot = Babari nyarekan tapi berehan
Handap asor = Hormat kabatur
Handap lanyap : Handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
Handap lanyap = hormat tapi matak nyentug kana hate
Hanteu gedag bulu salambar : Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa – hapa oge ranggeuyan = Miskin – miskin oge boga salaki
Hapa hapa ge ranggeuyan : Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan : Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
Hapa heman = Taya panarima, taya pamales budi ka nugeus nyieun kahadean
Hapa hui = teu jamuga
Harelung jangkung = Kacida jangkungna
Harewos bojong : Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
Harewos bojong = Ngaharewos tapi omonganana kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosan
Haripeut ku teuteureuyeun : Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
Haripeut ku teuteureuyeun = Gampang kagoda ku dibibita bakal meunang untung, kajeun ku jalan anu teu halal
Harus omong batan goong : Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
Harus omong batan goong = Beja anu ngandung pitnah gancang pisan sumebarna bari sok ditambahan
Hawara biwir = Resep ngabeja beja perkara anu can tangtu dilaksanakeun, atawa hal anu lila keneh dilaksanakeinana
Hayang untung jadi buntung: Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
Hayang untung kalah buntung = Hayang untung kalah rugi
Hejo cokor badag sambel = Dusun pisan
Hejo tihang : Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
Hejo tihang = Teu ceehan, resep pipindahan
Henteu cai herang – herang acan = Teu disuguhan
Henteu jingjing hentei bawa = Teu mawa oleh – oleh keur nu dijugjug
Henteu unggut kelindungen, henteu gedag kaanginan = Pageuh nyekel pamadegan sorangan, henteu kapangaruhan ku nu sejen
Herang caina beunang laukna : Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
Herang caina beunang laukna : Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
Herang caina beunang laukna = Hasil anu dimaksud ku jalan badami teu kusacara paksa
Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang : Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina
Hese cape teu kapake = Pagawean anu hasilna teu katarima atawa mubadir
Heueuh heueuh bueuk : Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
Heuras genggerong = Teu bisa ngagenahkeun hate batur ku omongan
Heureut pakeun = Teu rea kaboga
Heurin ku letah : Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan
Heurin ku letah : Teu kaduga ngabongkar hiji perkara kulantaran loba karisi karempan paur jeung inggis ku balukarna.
Heurin ku letah = teu bisa ngomong lantaran loba kasieun
Hirup dinuhun paeh dirampes : Pasrah pisan, rido pisan teu boga kahayang naon naon.
Hirup dinuhun paeh dirampes = Pasrah sumerak kana kersa nu Maha Kawasa
Hirup katungkul ku pati = Hirup ditungtungan ku maot
Hirup ku ibun gede ku poe = Hirup kalantar lantaran euweuh nu ngurus
Hirup ku panyukup gede ku pamere : Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
Hirup nuhun paeh dirampes : Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
Hirup teu neut, paeh teu hos = Terus – terusan gering ripuh, tapi teu maot
Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja : Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
Huap hiji diduakeun = Hgirit keur sapopoe kulantaran aya nu dibelaan
Hujan cipanon = Loba ceurik
Hulu dugul dihihidan : Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
Hunyur nandean gunung : Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
Hurung nagtung siang leumpang : Eukeur mang beunghar loba pakean anu aralus turug turug resep ngaginding.
Hurung nangtung siang leumpang : Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
Hurung nangtung siang leumpang = Beunghar
Hutang hatong = nyapirakeun kana hutang
Hutang salaput hulu = Loba hutang
Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri = Amal perbuatan sok aya wawalesna

I
Ieu aing = Angkuh, sombong, adigung
Ilang along margahina = Kakurangan
Ilang lebih tanpa karana = Leungit teu puguh sababna
Indit sirib = Indit sarerea saeusi imah
Indung suku ge moal dibejaan = Pageuh nyekel rasiah
Indung tunggul rahayu, bapa catang darajat = Kasalameten jeung kabagjaan nu jadi anak, gumantung kana karidoan indung bapa
Inggis batan maut hinis = Kacida paurna
Inggis ku bisi rempan ku sugan = Sieun aya kajadian anu teu disangka – sangka
Ipis biwir = Babari ceurik
Ipis wiwirang = Kurang kaera

J
Jadi cikal bugang = Pangheulana kasambut dipangperangan
Jadi dogdog pangrewong = Teu boga tugas penting, sakadar bantu – bantu
Jadi kulit jadi daging = Jadi kabiasaan nu hese dipiceuna
Jadi sabiwir hiji = Jadi omong atawa carita sarerea
Jajar pasar = Sedeng tegepna, teu pati geulis teupati kasep tapi teu kaasup goreng patut
Jalma masagi = Jelema boga, rea kabisa, turunan hade
Jama bedil sundut = Jaman baheula
Jauh – jauh panjang gagang = Jauh – jauh dijugjug, tapi teu hasil anu dimaksud
Jauh ka bedug = Dusun, kampungan
Jauh tanah ka langit = Jauh bedana
Jelema bangkarak = Jelema nu taya gunana pikeun hirup kumbuh
Jiga tunggul kahuru = Goreng patut
Jongjon bontos =Junun kana gawe, tara bengbatan
Jual dedet = Ngajual barang satengah maksa

K
Kabawa ku sakaba -laba = Kabawakeun teu puguh lampah ku batur
Kabedil langit = Kalinglap
Kacanir bangban = Kawiwirangan
Kacekel bagal buntutna = Katewak luluguna
Kaceluk ka awun – awun = Kasohor kamana – mana
Kaeaw tunggul kahuru = Goreng patut
Kagok asong = Kapalang geus nyanggupan
Kahieuman bangkong = Siga beunghar lantaran katitipanbanda batur
Kajejek ku hakan = hasil usaha beak dipake dahar wungkul
Kakeueum ku cai toge = Eleh pisan ku pamajikan
Kalapa bijil ti cungap = Muka rasiah sorangan kalawan dihaja
Kaliung kasiput = Kalingkung ku baraya anu beunghar
Kandel kulit beungeut = Teu boga kaera
Kapiheulaan galuluh taneuh = Hudang kabeurangan
Kapipit galih, kadudut kalbu = Kapincut
Kapiring leutik = Kaisinan
Kasuhun kalingga murda = Katarima pisan lahir batin
Katempuhan buntut maung = Katempuhan kasusah atawa urusan batur
Katerka ku kira -kira = Kasangka boga dosa
Katindih ku kari – kari = Kasangka boga dosa
Katurug katutuh = Keur susah katambahan deui susah
Kawas aeud = Nya goreng budi nya bangor
Kawas bayah kuda = kacida belelna
Kawas beubeulahan terong = Sarupa pisan
Kawas beusi atah beuleum = Geuneuk ( beungeut ) jalma anu kacida ambekna
Kawas bodor reog = Jelema anu tingkah lakuna pikaseurieun
Kawas bueuk meunang mabuk = Ngeluk tungkul teu wani ngomong kulantaran rumasa boga dosa
Kawas bujur aseupan = Teu daek cicing
Kawas carangka runtah = Jalma anu sagala beuki jeung gembul
Kawas careuh bulan = Kandel ku bedak
Kawas ciduh jeung reuhak = Sarua gorengna
Kawas congcorang murus = Jelema anu jangkung tapi kacida begangna
Kawas cucurut kaibunan = Goreng patut jeung pikarunyaeun
Kawas dodol bulikan = Kulit hideung dibedakan teu rata
Kawas durukan huut = Pibahayaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki gede
Kawas gaang katuncak = Ngadadak jempe
Kawas gteuw = Teu bisa liar
Kawas gula jeung peueut = Kacida layeutna
Kawas hayam lamba = Euweuh kawani
Kawas hayam panyambungan = Talamba tolombo dina riungan lantaran euweuh anu wawuh
Kawas heulang pateuh jangjang = Meh teu walakaya kulantaran euweuh nu bisa diandelkeun
Kawas hileud peuteuy = Jelema anu ngahalang halang karesep batur
Kawas himi- himi = Meh salilana babarengan duaan, tara daek papisah
Kawas lauk asup kana bubu = Hese kaluar tina hiji lingkungan lantaran katalian ku jangji atawa aturan
Kawas ledok bakal = Goreng patut pisan
Kawas leungeun nu palid = Ngopepang
Kawas nu dipukul bayu = Taya tangan pangawasa, leuleus pisan
Kawas nu keked = Teu bisa barangbawa
Kawas panyeupahan lalay = Kacida belelna
Kawas siraru jadi = Riab kamana -mana
Kawas tatah = Teu hideung sorangan
Kawas ucing kumareumbi = Sagala dicabak, sagala dicekel
Kembang buruan = Keur meujeuhna lucu
Kembang carita = Bahan carita nu narik perhatian dina riungan
Keuna ku owah gingsir = Keuna ku robah
Keuna kulara teu keuna ku pati = Bisa jadi eleh atawa tatu, tapi moal nepika maot
Keur bentang surem = Keur apes
Keur meujeuhna bilatung dulang = Barudak anu keur meujeuhna parabaneun
Keuyeup apu = Jalma nau elehan euweuh kawani
Kokod monongeun = Teu daek asak lantaran loba dicabakan
Kokoro nyenang = Nembongkeun pangaboga anu teu sabaraha lantaran hayang kapuji
Kokoro nyoso malarat rosa = Kacida miskina
Kolot dapuran = Kolot nurutkeun pancakaki
Kolot kolotok = Kolot tapi euweuh kanyaho
Kolot pawongan = Ngora – ngora siga geus kolot
Koreh – koreh cok = Usaha jalma leutik, hasilna ngan ukur saharitaeun
Kudu bisa ngeureut pakeun = Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki
Kujang dua pangadekan = Usaha anu ngadatangkeun dua kauntungan
Kukuh ciburuy = Teu beunang diongget – ongget
Kumaha ceuk nu dibendo = Kumaha ceuk pangagung bae
Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = Kumaha engke
Kumaha ramena pasar = Kumaha guyubna batur jenuk sarerea
Kumis bangbara ngaliang = Kumis anu nyeseg dina liang arung
Kunaha bile hideungna = Kunaha engke buktina
Kurang jeujeuhan = Kurang ati – ati
Kuru aking ngajangjawing = Kacida begangna
Kuru cileuh kentel peujit = Ngurangan sare, ngurangan dahar lantaran aya nudimaksud
Kuru kurulang kuriling = Lara sangsara kadungsang – dungsang
Kurung batok = Tara daekl lunta tilembur, jadi euweuh kanyaho

L
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda : Arek cilaka mah ku kasalahan anu Leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra : Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
Landung kandungan laer aisan : Gede timbanganana, gede pangampurana.
Langsung saur bahe carek : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan : pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan : Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun kubatur, henteu kalawan kahayang sorangan nepi ka goreng katenjona.
Legok tapak genteng kadek : Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
Legok tapak genteng kadek : Loba luangna, loba pangalamanana.
Leubeut buah hejo daun : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus Jeujeur liat tali : Memeh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang heula alus gorengna supaya karasa adil.
Leuleus jeujeur liat tali : Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
Leuteik ringkang gede bugang : Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
Leutik burih : Euweuh kawani.
Leutik cahak, gede cohok : Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
Leutik leutik ngagalatik : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet : Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
Lieuk euweuh ragap taya : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
Loba teuing jaksa : Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
Lodong kosong ngelentrung : Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
Luhur kuta gede dunya : Gagah tur beunghar taya kakurang.
Luncat mulang : Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut : Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.

M
Mabok pangkat = Adigung asa aing jeneng
Macan biungan == Jelema anu teu akur jeung batur salembur
Malangkeun panyiraman = Mikahayang nu lain – lain cenah dipikahayang ku indungna waktu keur nyiram ku manehna
Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung : Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
Maliding sanak : Hanteu adil, pilih kasih.
Maliding sanak = Pilih kasih
Malik mepeh = Gulang guling nahan kanyeri
Malik rabi pindah ngawula = Nganteurkeun dahareun ka menak, atawa dunungan atawa atasan nu anyar
Maling boga batur : Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
Manan Leweh mending waleh : Leuwih hade wakca balakabatan diahir meunang kasusah.
Manan leweh mending waleh = Tinimang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna
Manasina sambel jahe, top – top tewewet = Moal ujug – ujug karasa hasilna atawa gunana
Mangpengkeun kuya ka leuwi : mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
Mani hayang utah iga = Ngarasa kacida sebelna nenjo atawa ngadenge kalakuan batur anu oukaujudeun
Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja = Sing bener ari keur hirup, supaya ulah diomongkeun ari geus maot
Mapay ka puhu leungeun : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
Marebutkeun paisan kosong : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
Marebutkeun paisan kosong = Marebutkeun perkara anu taya gunana atawa euweuh mangpaatna
Mata dijual ka peda = Dilarapkeun ka nu malaweung
Maut nyere ka congona : Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
Mengpeun carang = Api – api teu nyaho
Mere langgir kalieun : Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meu[eus keuyang = Ngabudalkeun amarah atawa kakeuheul ka nu teu tuah teu dosa
Meubeut meulut = Nyarekan bari mamawa kasalahan jalma sejen
Meunang kopi pait = Dicarekan atawa digelendeng
Meungpeun peureum ku ayakan : Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu harianeun : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
Midua pikir = Teu satia dina urusan cinta
Milih – milih rabi mindah = mindah rasa = Ganti pamajika sugan leuwuh ngarepok
Mindingan beungeut ku saweuy : Ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
Mindingan beungeut ku saweuy = Nyimbutan rasiah sorangan anu geus jadi rasiah umum
Mipit teu amit ngala teu menta : Maling boga batur.
Mipit teu amit ngala teu menta = Maling
Misah badan misah nyawa = Teu sarua boh lahir boh batin
Miyuni hayam kabiri : Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
Miyuni hayam kamayung = Teu payaan
Miyuni hayan kabiri, kumeok memeh dipacok = Euweuh kawani, can ge acan geus jejerih
Miyuni umang = Euweuh kadaek, teu hayang uhtiar neangan pakaya
Moal ceurik menta eusi : Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
Moal ditarajean = Teu sieun
Moal jauh laukna = Moal hese piuntungeunana
Moal mundur satunjang beas = Moal ngejat sanajan salengkah
Moal neangan jurig teu kadeuleu : Arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
Moal neangan jurig teu kadeuleu = Moal nyangka ka saha deui lantaran geus boga bukti
Moal nyapek mun teu ngoprek = Moal boga rijki lamun teu usaha
Mobok manggih gorowong : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
Mobok manggih gorowong = Kabeneran manggih jalan pikeun ngalaksanakeun karepna
Modal dengkul = Modal mangrupa kadaek jeung tanaga wungkul
Monyet kapalingan jagong : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
Mopo memeh munggang : Hoream, teu sanggup samemeh prak.
Mucuk eurih = Lalencop ibarat pucuk euri ( ramo awewe )
Mun teu ngakal moal ngakeul : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih : Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan : Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
Mupugkeun tai kanjut : Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
Murag bulu bitis = Hayang udar ider bae, teu betah cicing di imah
Muriang ku kawayaan = Upama keur kabungbulengan teu kuat nyangga lara ati
Musuh atawa satru kabuyutan = Musuh ti baheula nepika ayeuna, musuh turunan
Neukteuk curuk dina pingping : Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
Ngagulkeun luluhur sorangan : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.

N
Naheun bubu pahareup hareup : Dina pangabutuh silih injeuman duit.
Naheun bubu pahareup hareup = Ngahutang – hutang nepika kagok nagih
Najan dibawa kana liang cocopet = Daek najan dibawa ka mana bae oge
Nanggung bugang = Ditinggal maot ku lanceuk jeung ku adi
Nangkeup mawa eunyeuh : Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
Nangtung kariung ngadeg karageman : Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
Nepak cai malar ceret : Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nepika nyanghulu ngaler = Nepika maot
Nepika pakotrek iteuk = Nepika kolot
Nepung – nepung bangkelung = Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bebesanan
Nete akar neumbing jangkar = Seseleket, nyorang jalan nu rumpil
Nete porot ngeumbing lesot : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
Nete porot ngeumbing lesot = Sagala usaha teu hasil
Nete semplek nincak semplak : Kieu salah kitu salah.
Nete semplek nincak semplak : Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
Nete taraje, nincak hambalan : Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain – lainna deui = Teu hayang dibalik deui
Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun : Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
Neundeun piheuleut nunda picela : Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
Ngabejaan bulu tuur = Ngabejaan nu geus nyaho
Ngabudi ucing : Teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
Ngabudi ucing = Kawas nu teu karep, api – api teu hayang padahal ngadagoan batur bogoh
Ngabuntut bangkong = Teu bisa nganggeuskeun pagawean
Ngaburuy = Nyaneut teu make lawuhna
Ngacak ngebur = Kokomoan, mangpang – meungpeung
Ngadago – dago dawuh = Tereh maot
Ngadagoan kuah beukah : Ngadagoan pasesaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu)
Ngadagoan kuda tandukan = Mikarep perkara anu mustahil
Ngadagoan uncal mabal : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungklan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
Ngadaun ngora = Nembongkeun deui kamajuan, sanggeus ngalaman jaman mundur
Ngadaweung ngabangbang areuy : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
Ngadek sacekn, nilas saplasna : Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngadeupaan lincar : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
Ngadeupaan lincar = Ngadeukeutan hayang diaku
Ngadu angklung di pasar : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa’atna di hareupeun jalma loba.
Ngadu angklung = Parerea omong anu taya gunana
Ngadu ngadu rajawisuna : Mawakeun omongan si A ka si B jeung sbalikna, temahna si A jeung si B pasea, parerea omong.
Ngagandong kejo susah nyatu : Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
Ngagedag bari mulungan : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
Ngagulkeun payung butut : Ngagulkeun luluhur sorangan.
Ngahurun balung ku tulang = Nangkeup tuur nandakeun keur bingung atawa susah
Ngajeler paeh = Halis anu ngajepat alus, sapeti jeler paeh
Ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega = Ngajerit tarik pisan
Ngajul bulan ku asiwung, Mesek kalapa ku jara : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.
Ngalap hate = Ngangeunahkeun hate batur supaya dipikanyaah atawa resepeun
Ngalenghoy lir macan teu nangan = Leumpang alon tapi alus katenjona
Ngaletak ciduh = Narik omongan nu geus di kedalkeun
Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat – ngembat nyatang
Ngaliarkeun taeus ateul : Ngucah ngaceh perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka sarerea.
Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Ngalintuhan maung kuru = Neangan pibahayaeun
Ngan ukur saoleseun = Ngan saukur saulineun
Ngandung hate = Ngunek – ngunek, boga hate goreng, hayang males Kanyeuri
Ngarah ngarinah = Nipu, ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo
Ngarah sahuapeun sakopeun = Usaha leuleutikan, neangan rejeki saharatiaaeun
Ngaraja dewek = Marentah nagara nurutkeun kahayang sorangan
Ngarangkai koja = Mimiti hade, lila – lila jadi goreng
Ngarep ngarep bentang ragrag : Ngarep ngraep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Ngarep ngarep kalangkang heulang : Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngareuntaskeun dungus = Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam : Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
Ngegel curuk = Teu hasil maksud
Ngembang awi = Ngeumbreuk, teu laku
Ngembang bako = Bosongot
Ngembang boled = Tetela
Ngembang cau = Jantungeun
Ngembang cengek = Geulis, nenggang ti nu sejen
Ngembang genjer = Gelenye
Ngembang jajat = Jalinger
Ngembang jambu = Lumenyap
Ngembang kadu = Olohok
Ngembang kaso = Cilimit
Ngembang lopang = Nyacas
Ngembang waluh = Alewoh
Ngenbang laja = Jamotrot
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeunah nyandang, ngeunah nyanding = ahirup senang lantaran cukup pake, jeung nyandingkeun pamajikan anu satia
Ngeuneh eon teu ngeunah ehe = teu adil atawa pinter kodek
Ngeupeul ngahuapan maneh : Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
Ngijing sila bengkok sembah = Teu satia ka dunungan
Nginjing sila, bengkok sembah : Goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpinatawa dunungan.
Ngodok liang buntu : Hese cape taya gawe, susah payah taya guna, sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
Ngodok liang buntu = Geus cape, tapi teu hasil lantaran aya nu ngahalangan
Ngodok liang jero : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngomong sabedug sakali = Arang ngomong
Ngotok ngowo = Cicing lila di imah batur
Ngukur ka kujur nimbang ka awak : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
Ngukur ka kujur, nimbang ka awak = Ngukur kamampuan diri
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
Ngusap birit = aninggalkeun pasamoan bari teu pamit heula
Ngusap birit, bari indit : Kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang : Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
Nincak parahu dua : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
Ninggalkeun hayam dudutaneun = Ninggalkeun pagawean nu can anggeus
Ninggang kekecrak : Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
Nini – nini leungit sapeuting, Tai maung huisan = Kari – kari
Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan : Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
Noong ka kolong : Leutik hate, leutik pangharepan.
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha : Nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
Nu borok dirorojok , Nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = Nu keur susah di pupuas, ditambahan kasusahna
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan : Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan = Nanggap carita gedebul rahul
Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan : Ngahamina carita tukang wadul.
Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan : Ngahamina carita tukang wadul.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
Nuju hirup ninggang wirahma : Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Nulungan anjing kadempet : Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
Nungtik lari mapai lacak = Neangan katerangan tapak lasak baheula
Nurub cupu = Ninggang papasangan nu kasep jeung nu geulis
Nya di hurang nya dikeuyeup : Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
Nya di hurang, nya di keuyeup = Parasaanmah teu di rahayat teu di rahayat teu di pajabat, sarua bae
Nya ngagogog nya mantog : Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nya picung nya hulu maung : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
Nyaah dulang = Nyaah ka anak nganmerhatikeun dahar pakena bae, tapi teu malire atikanana
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
Nyaho lautanana = Nyaho karesep jeung ka teu resepna
Nyair hurang meunang kancra : Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
Nyaliksik ka buuk leutik : Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
Nyalindung ka gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana, nu dipalar milu hirup senang, teu karana hese jeung cape.
Nyalindung ka gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang : Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
Nyanghulu kajarian : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
nyatang pinang = Ngaleut panjang pisan
Nyekel sabuk milang tatu = Perang tanding, ngadu jajaten
Nyeri beuheung sosonggeteun : Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
Nyeungeut damar di suhunan : Kulantaran pupujieun ari ka deungeun mah darehdeh jeung mere maweh, tapi ari kabaraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung koret deuih.
Nyeungeut damar di suhunan : Mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih ragrag : Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
Nyeuri beuheung sosonggeteun = Kesel ngadagoan nu rek datang
Nyiar batuk piaraheun : Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyiar batuk pibaraheun = Neangan picilakaeun
Nyicikeun cai, murulukeun lebu : Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
Nyieun catur taya dapur : Nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
Nyieun catur taya dapur = Ngarang carita teu puguh galurna
Nyieun heuleur jeroeun huma : Henteu raket jeung dulur pahare hare bae.
Nyieun pucuk ti girang : Neangan pilantaraneun pasea, parebut bebeneran.
Nyieun pucuk ti girang : Pangheulana neangan piaseaeun.
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
Nyiuk cai ku ayakan : Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
Nyium bari ngegel : 1.Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng 2.salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing porot : Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa ku laku lampah goreng di hareupeunana.
Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
Nyolong bade = Ulat bageur padahal jahat
Nyuhun nanggung ngelek ngegel : Rebo pisan, babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju : Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.

O
Omong harus batan goong : Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
Owah gingsir : Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.

P
Paanteur anteur julang : Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
Pacikrak ngalawan merak : Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
Pada rubak sisi samping : Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
Padu teu buruk digantung = Perkara moal ruksak ku ditunda
Paeh pikir = Teu boga karep
Paeh poso = Meakkeun kadaek, tisusut tidungdung
Pagede – hede urat rengge = Patarik – tarik nyoara, nu beluk atawa nu pasea
Pagirang girang tampian : Paunggul unggul dina neangan pangupa jiwa.
Pagirang girang tampian : Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan.
Paheuyeuk heuyeuk leungeun : Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang tulang : Cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
Pait daging pahang tulang : Carang gering.
Pait daging pahang tulang = Mulus awak, langka katerap ku panyakit kulit
Pait paria = Pait ge ngeunah
Pakait pikir = Jangji rek ngagij
Pakotrek iteuk : Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
Paluhur luhur diuk : Pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
Panas leungeun = Teu kajadian pepelakan
Panday tara bogaeun bedog : Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Pangeprak remis = Purah diutuh etah
Panjang lengkah = Jauh panyabaan
Panjang leungeun = Sok pulang – paling, resep ceceremed
Panon keongeun = Panon caian bae
Panonna kandar ka sisi = Panonna resep ngareretan bae anu kasep (awewe lengger )
Papadon los ka kolong : Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
Papadon los ka kolong = Pasini geus asak pisan tuluyna bolay
Parada tamba kadengda = Tamba henteu teuing
Pareumeun obor = Teu nyaho baraya
Pariuk manggih kekeb = Nyetel
Pasrah arit = Pasrah luarna wungkul, henteu terus jeung hate
Patpat gulipat = Kalakuan licik teu jujur
Pelengkung bekas nyalahan : Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
Perlu kasambut sunat kalampah = Ngalakukeun anu wajib bari sakalian jeung nu henteu dikudukeun
Peureum kadeuleu beunta karasa : Inget bae, teu bisa poho. Boasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
Pida cai pindah tampian : Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir : Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
Pinter aling laing bodo : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak : Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng
Pipilih meunang nu leuwih koteplak meunang nu pecak : Milih kalawan taliti naker, kulantaran hayang meunang nu pang alusna, tapi temahna meunang nu panggorengna.
Piruruhan katengahimahkeun : Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
Pondok nyogok panjang nyugak = Garihal teu matak resep ngadengekeunana
Potol teko = Potol pisan
Puasa manggih lebaran : Anu saumur umur miskin tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan, atawa manggih rejeki anu gede.
Puasa manggih lebaran = Makmak – mekmek
Pucuk awian, lir awi sumear di pasir = Teu boga pamadengan sorangan
Punduk moal ngalihuran hulu = Sakumaha pinterna murid moal leuwih pinter ti guruna
Pundung eon = Pundung jijieunan, ngarah pada ngupahan
Pupulur memeh mantun : Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging : Dian cidrana anu diboreha, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
Pur manuk = Digawe bari teu disuguhan, ngan diburuhan duit wungkul
Puraga tamba kadengda : Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.

R
Ragaji beusi = Jalma nu bisa pisan nipu ku jalan ngolo – ngolo
Rambay alaeun reumbeuy beuweungeun = Subur makmur loba dahareun hasil tani
Ranggaek memeh tandukan = Beunghar memeh boga
Raweuy beuweungeun rambay alaeun : Loba dahareun da loba pepelakan.
Rea jangjang karawatna = Rea patula – patalina jeung perkara sejen
Rea ketan rea keton = Rea dahareun jeung loba dahareun
Rejeki kaseser ku hakan = Rejeki beak dipake barang dahar
Rek dibeureum rek dihideung ge pasrah = Rek dimaha – kumaha oge pasrah
Rek dijieun jimat parepeh = Awewe ku lalaki anu kacida bogohna, upama daekeun dikawin
Rokrok pondokeun = Babari ambek
Rubuh – rubuh gedang = Migawe hiji perkara anu ten nyaho maksud jeung tujuanana, ngan saukur nurutan batur
Rumbak caringin di buruan : Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
Rumbak kuntieun : Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
Rusuh luput gancang pincang : Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.

S
Saampar samak = Sagebleg ( lahan ) jeung kayaanana meh sarua
Sabata sarimbangan = Sauyunan, layeut
Sabelas dua belas = Sarua gorengna atawa teu eucreugna
Sabobot sapihanean : Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
Sabuni buni anu ngising : Sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu knyahoan bae.
Sacangreud pageuh sagolek pangkek = Sagala omonganana ditedunan tara jalir jangji
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
Sagolek pangkek sacangreud pageuh : Hanteu cidra kana jangji.
Saherang – herang cibeas = Jalma nu geus meunang kanyeri hatena moal beresih pisan, sok sanajan di luarna hade
Saherang herangna cai beas : Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur : Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
Sakecap kadua gobang : Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
Sakecap kadua gobang = Babari ngambek jeung babari ngadek
Sakeser daun = babari lapar
Sakririciking duit sakocopoking bogo : Naon bae anu matak narik kana hate urang.
Sakuru – kuru lembu, saregeng – regengna banteng = Sateubogana jalma jeneng atawa pangkat luhur, atawa urut jalma beunghar
Salah kaprah = Salah tapi geus umum
Salieuk beh = Sagala nyampak
Salisung garduh = Sakongkol
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu : Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
Sanajan nepi ka bisa ngukir langit = Sanajan sakumaha pinterna
Sangsara di geusan betah : Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
Sapapait samamanis = Sauyunan
Sapi anut ka banteng = Awewe nuturkeun lalaki
Sapu nyere pegat simpay : Paturay papisahan.
Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan : Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Sareundeuk saigel = Sauyunan
Satalen tilu baru = Sarua kitu – kitu keneh
Satengah buah leunca : Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
Satengah buah leunca = Kurang ingetan , rada gelo
Satru kabuyutan = musuh turunan
Saumur nyunyuhun hulu : Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy : Omongan anu pondok tur kurang manis.
Saungkab peundeuy = Omongan ru ringkes sarta rada janggal
Saur manuk = Ngajawab pertanyaan bareng sarta sarua
Sengserang padung : Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
Sentak badakeun : Teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
Sereg dibuana logor diliang jarum : Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
Sereg dipanto logor diliang jarum : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Seukeut ambeu seukeut deuleu : Loba matamatana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
Seukeut tambang manan gobang : Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah : Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuneu hurung dipancaran : Nu keur nafsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
Seuseut batan neureuy keueus : Hese pisan
Sibanyo laleur : Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
Sieureun = Awewe anu tegep upama ditelek – telek
Siga bentang kabeurangan = Geulis pisan
Siga bungaok = Goreng patut pisan
Sireum ateulan = Teu sarua gedena
Sirung ngaliwatan tunggul : Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
Sisit kadal = Goreng milik
Sosoroh ngadon kojor : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
Suku sambung lengkah, biwir sambung lemek = Darma mangnepikeun maksud batur
Sumput salindung = Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur
Sundul kalangit = Kacida luhurna kawas adek kana langit

T
Tiis leungeun = Jadian pepelakan
Tikoro andon peso : Ngdeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tikoro kotokeun, careham hayameun = Isuk – isuk keneh kudu geus barang dahar
Tinggal tulang jeung kulit = Kacida begangna
Tinggar kalongeun : Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
Tipu keling ragaji Inggris : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Tisusut tidungdung = Gawe beurat bari ripuh
Titip diri sangsang badan : Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
Titirah ngadon kanceuh = Hayang cageur malah beuki ripuh
Tototpong heureut dibeber beber, tangtu soeh : Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
Trong kohkol moronlkol, dur bedug murungkut = Keur nu ngedul hudang subuh
Tuduh acungan = Dititah nitah deui ka nu sejen
Tugur tundang cuntang gantang : Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
Tukuh ciburuy = Teu daek narima pamadegan batur anu leuwih bener
Tulus langkung kepang halang = Omongan atawa caritaan nu teu merenah atawa salah
Tumarajong tanpa larapan = Datang teu ngiberan heula
Tumpang sirang = Tumarimpang, Karagok bae jeung nu di cicingan
Tunggul diparud catang dirumpak : Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur nafsu.
Tunggul dirurud catang dirumpak = Ngalajur napsu taya nu dihiding
Tunggul kuras = Duit anu ngahaja disesakeun, ulah nepika kosong teuing
Tunggul sirungan, catang supaan : Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan : Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
Turunan tumenggung sundung, patih arit = Lain turunan menak sanajan jeneng

U
Uang semir = Panyogok supaya pamenta urang gancang dikabulkeun
Ukur pulang modal = Teu untung teu rugi
Ulah beunghar memeh boga : Ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung : Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
Ulah incah balilahan = Ulah pindah pamatuhan
Ulah kabawa ku sakabakaba : Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna : kabawa jurig, dedemit.
Ulah muragkeun duwegan ti luhur : Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
Ulah pangkat memeh jeneng : Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
Ulah sok ngeok memeh dipacok = Ulah sok ngarasa hoream ku pagawean memeh dicoba
Ulah tiis tiis jahe : Kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan : Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
Uncal tara ridu ku tanduk : Duduluran karumpul kabel.
Undur katingali punduk, datang katingali tarang = Kanyahoan datang atawa inditna
Unggah bale watangan = Katarik perkara
Urang curug ngebul = Urang kampung nu jauh ti kota
Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah = Jelema dusun
Uteuk encer = Calakan, pinter
Uteuk tongo walangtaga = Barang – barang atawa sasatoan anu pangleutikna
Uyah tara tees kaluhur : Galibnma sifat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.

W
Waspada permana tingal : Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian
Wawuh munding = Wawun meueusan pedah mindeng papanggih
Weruh sadurung winarah = Nyaho samemeh dibejaan
Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang : Wiwirang nau pohara gedena.
Wiwirang dikolong catang = Nyorang wiwirang

0 komentar:

Poskan Komentar

papan iklan contak kami

Curug Malela... Niagara from Bandung

Curug Malela , Niagara Mini From Bandung Slideshow: PreeSella’s trip to Bandung, Jawa, Indonesia was created by TripAdvisor. See another Bandung slideshow. Take your travel photos and make a slideshow for free.

iklan berjalan ( kendaraan roda empat)

iklan berjalan ( kendaraan roda empat) kami mencari perusahaan telekomunikasi yang mau bekerja sama untuk pemasangan iklan berjalan pada kendaraan roda empat, untuk informasi lebih lanjut silahkan hubungi kami di 0813.8082.2272. kami berlokasi di Jakarta Pusat..